السَّلامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللَّهِ وَبَرَكَاتُهُ
إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ، وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ
Para hadirin kaum Muslimin.
Saparantosna muji syukur ka hadirot Allah SWT, solawat sareng salam mugi dilimpahkeun ka jungjunan urang kangjeng Nabi Muhammad saw, sarta kulawargana, sohabatna sadayana. Sim kuring wasiat ka para hadirin ahli jum'at anu bahagia yen urang salamina kudu taqwa ka Allah SWT, supaya urang salamet dunya akherat.
Para hadirin kaum Muslimin!
Khotib dina Jum'at ieu bade medar padilah solat jamaah. Hadirin kaum muslimin! Tiap-tiap ibadah anu dianjurkeun ku Allah SWT ka ham-bana pasti moal salah deui aya paedahna keur urang, aya manpaatna keur kahirupan urang. Lain samata-mata ngan ibadah kitu wungkul.
Cobi urang kupas paedahna atawa hikmahna salat jamaah. Nabi tos ngadawuhkeun dina hadisna:
صلاةُ الجَمَاعَةِ تُفَضِّلُ صَلَاةَ الفَذِّ بِسَبْعٍ وَعِشْرِينَ دَرَجَةً
"Solat jamaah eta leuwih utama tibatan solat sorangan kalawan 27 darajat."
Naon hikmatna?
Hikmatna nyaeta agama Islam mah salilana nganjurkeun ka umatna supaya bersatu, ulah papisah silih cela-silih gorengkeun. Sanajan urang sanggup solat 27 kali tetep moal ngudag kana ganjaran solat jamaah sakali.
Dina hadis anu sanesna Nabi kantos ngadawuh anu hartosna:
"Aranjeun he Umat Islam ulah mere salam ka Yahudi umat kaula. Ditaros: Naha saha anu disebut Yahudi umat anjeun teh Gusti?
Dijawab: Nyaeta anu ngadenge adzan jeung iqomat tapi teu daek hadir
solat jamaah."
Kitu deui urang diparentahkeun supaya ngaratakeun sap-sap (jajaran-jajaran) ulah aya anu hareup teuing jeung ulah aya anu maju teuing kitu deui ulah renggang kudu rapet sakumaha dawuhan Nabi dina hadisna:
aranjeun, jeung eusian sap-sap anu renggang ulah diantep kosong, sabab syetan sok ngasupan sap-sap anu renggang."
Para hadirin kaum muslimin!
Saha anu paling pantes jadi Imam?
Ngandika Nabi Muhammad saw: "Anu pantes jadi imam nyaeta anu paling beres bacaan Qur'anna, lamun dina bacaan sarua, anu paling ngarti hadis-hadis, lamun sarua deui anu paling tiheula hijrahna, lamun sarua anu paling kolot umurna.
Kumaha kauntunganana jalma anu sok ngadawamkeun solat jamaah?
Ngandika Nabi Muhammad saw: "Saha-saha nu solat subuh jamaah maka eta jalma aya dina jaminan Allah SWT nepi ka sore, kitu deui saha-saha anu solat isya jamaah maka eta jalma peutingna aya dina jaminan Allah SWT."
Para hadirin kaum Muslimin!
Tiap-tiap kampung di dinya aya masjid tapi henteu diayakeun solat jamaah maka eta kampung geus dikawas ku syetan. Sakumaha dawuhan Nabi Muhammad saw: "Tiap-tiap aya tilu jalma di hiji kampung atawa desa di dinya henteu ngayakeun solat jamaah maka eta kampung geus dipimpin ku syetan. Maka kusabab itu aranjeun kedah ngayakeun solat berjamaah, sabab ari ajag eta sok ngadahar domba anu jauh ti babaturanana, kitu deui syetan moal bisaen ngagoda ka urang lamun urang berjamaah, tapi lamun urang solat sorangan pasti bakal digoda syetan.
Tah kitu pentingna solat jamaah teh. Mudah-mudahan urang sing tiasa ngalaksanakeun solat jamaah. Amin.
بَارَكَ اللهُ لِي وَلَكُمْ بِالْقُرْآنِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمُ، وَتَقَبَّلَ مني وَمِنكُمْ تِلَاوَتَهُ إِنَّهُ هُوَ السَّمِيعُ الْعَلِيمُ
Khutbah II
Al-ḥamdu lillāhilladzī amarana bil-ittiḥād wal-i‘tiṣāmi biḥablillāhil matīn.
Asyhadu an lā ilāha illallāh waḥdahū lā syarīka lah, iyyāhu na‘budu wa iyyāhu nasta‘īn.
Wa asyhadu anna Muḥammadan ‘abduhū wa rasūluh, al-mab‘ūṡu raḥmatan lil-‘ālamīn.
Allāhumma ṣalli ‘alā sayyidinā Muḥammad wa ‘alā ālihi wa aṣḥābihi ajma‘īn.
Inna Allāha wa malā’ikatahu yuṣallūna ‘alan-nabī.
Yā ayyuhalladzīna āmanū ṣallū ‘alaihi wa sallimū taslīmā.
Allāhumma ṣalli wa sallim ‘alā sayyidinā Muḥammad, wa ‘alā ālihi wa ṣaḥbihi ajma‘īn.
Allāhumma ighfir lil-mu’minīna wal-mu’mināt, wal-muslimīna wal-muslimāt, al-aḥyā’i minhum wal-amwāt.
Innaka samī‘un qarībun mujību da‘awāt, wa yā qāḍiyal ḥājāt.
Allāhumma ighfirlanā waliwālidainā warḥamhumā kamā rabbayānā ṣighārā.
Allāhumma innā nas’aluka īmānan kāmilā, wa yaqīnan ṣādiqā, wa rizqan wāsi‘ā, wa qalban khāshi‘ā, wa lisānan dzākirā, wa ḥalālan ṭayyibā, wa taubatan naṣūḥā


Komentar
Tuliskan Komentar Anda!