Assalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
Alhamdulillah, alhamdulillahi rabbil 'alamin. Washsholatu wassalamu 'alaa asyrofil anbiyaai wal mursalin, sayyidinaa wamaulanaa Muhammadin wa'alaa aalihi washohbihi ajma'in. Amma ba'du.
Puji sinareng syukur hayu urang sami-sami sanggakeun ka hadirat Allah SWT, anu parantos maparin kasehatan sareng kasempetan dugi ka urang sadayana tiasa kempel dina ieu tempat, dina kaayaan sehat walafiat. Shalawat sinareng salam mugia salamina kakocorkeun ka jungjunan urang sadayana, Nabi Muhammad SAW, ka para kaluargana, ka para sahabatna, dugi ka urang sadayana salaku umatna.
Hadirin jamaah Jumat anu dimulyakeun ku Allah,
Dina ieu kasempetan, sim kuring bade ngajak ka sadayana, hususna ka diri sim kuring pribadi, hayu urang ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah SWT. Komo deui ayeuna urang nuju aya di bulan Ramadhan, bulan anu pinuh ku berkah, bulan anu pinuh ku rahmat sinareng bulan anu pinuh ku panghampura.
Saur Allah SWT dina Al-Qur'an Surat Al-Baqarah ayat 183:
يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ كُتِبَ عَلَيْكُمُ ٱلصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى ٱلَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ
"Héi jalma-jalma anu ariman, diwajibkeun ka maraneh pikeun puasa, saperti anu diwajibkeun ka jalma-jalma samemeh maraneh, sangkan maraneh jadi jalma anu takwa."
Ayat ieu jelas pisan ngajarkeun ka urang sadayana, yen tujuan utama tina ibadah puasa teh nyaeta ngahontal gelar jalma anu takwa. Hartina, sanes ngan nahan lapar jeung haus hungkul, tapi oge nahan diri tina sagala rupa hawa nafsu, tina sagala rupa pagawean anu teu dipikaresep ku Allah.
Sok atuh, dina ieu bulan Ramadhan, urang sing bener-bener ngamangpaatkeun waktu anu aya. Tingkatkeun ibadah urang, maca Al-Qur'an, shalat sunnah, shalat tarawih, ngaluarkeun shadaqah, sareng amal-amal shaleh sanesna. Margi, unggal amal anu dilakukeun dina bulan Ramadhan bakal dilipatkeun pahalana ku Allah SWT.
Mugi-mugi, urang sadayana tiasa ngalaksanakeun ibadah puasa kalawan sampurna, sareng kaluar tina bulan Ramadhan janten jalmi-jalmi anu takwa, anu dihampura sadaya dosa-dosana ku Allah SWT.
Barakallahu li walakum fil qur'anil adzim, wanaf'ani waiyakum bima fiihi minal ayati wadzdzikril hakim. Wataqabbal minni waminkum tilawatahu innahu huwas sami'ul alim.
Khutbah II
Alhamdulillah hamdan katsiran kama amar. Asyhadu anlaa ilaaha illallah wahdahu laa syarikalah, wa asyhadu anna Muhammadan 'abduhu warasuluh. Allahumma shalli wasallim 'alaa sayyidina Muhammadin wa'alaa aalihi washohbihi. Amma ba'du.
Jamaah Jumat rahimakumullah,
Urang sadayana nuju aya dina bulan anu mulia, bulan anu agung, bulan Ramadhan. Bulan anu dijerona aya keberkahan Al-Qur'an. Ku kituna, mangga urang sami-sami ningkatkeun katekunan urang dina ibadah sareng ngadeukeutkeun diri ka Allah SWT.
Ulah dugi ka urang kaleungitan kasempetan emas ieu. Urang sami-sami ngadoa ka Allah, mugia urang sadayana dipaparin kakuatan, kasehatan, sareng istiqomah dina ngalaksanakeun ibadah puasa, shalat tarawih, dugi ka engke ngahontal wengi Lailatul Qadar.
Mugia Allah SWT ngahampura sadaya dosa urang, dosa ibu bapa urang, dosa kulawarga urang, sareng sadaya muslimin wal muslimat. Mugi-mugi urang sadayana dipaparin kasalametan di dunya dugi ka akherat.
Innallaha wa malaaikatahu yushalluuna 'alan nabi, yaa ayyuhalladzina amanuu shollu alaihi wasallimu taslima.
Allahumma shalli 'alaa sayyidina Muhammad, wa'alaa aali sayyidina Muhammad. Kamaa shallaita 'alaa sayyidina Ibrahim, wa'alaa aali sayyidina Ibrahim. Wabarik 'alaa sayyidina Muhammad, wa'alaa aali sayyidina Muhammad. Kamaa barakta 'alaa sayyidina Ibrahim, wa'alaa aali sayyidina Ibrahim fil 'aalamiina innaka hamidum majid.
Allahummaghfir lil muslimiina wal muslimaat, wal mu'miniina wal mu'minaat, al ahyaa'i minhum wal amwaat. Innaka samii'un qoriibun mujiibud da'waat.
Rabbana atina fiddunya hasanah, wafil akhirati hasanah, waqina adzabannar.
Ibadallah, innallaha ya'muru bil 'adli wal ihsan, wa iitaa'i dzil qurba, wayanha 'anil fahsya'i wal munkar, wal baghyi, ya'idzukum la'allakum tadzakkarun. Fadzkurullahal adziim yadzkurkum, wasykuruuhu 'alaa ni'matihi yazidkum. Waladzikrullahi akbar

Komentar
Tuliskan Komentar Anda!